Sabada Paadu Teuteup (Ramadan 2)
“NAHA leres ieu téh? Boa-boa salira lepat?” Teup pateuteup. Béntang ngarenclang na seuseukeut soca salira. Raranggeuyan. Tingpeureundeuy naranggeuy galeuh kadeudeuh. Tuluy murukpluk kana lahunan haté kuring nu miiti lilir.
“Naha bet nganggo cangcaya? Abdi ngiring sapaneja,” walon salira. Béntang-béntang beuki rapang. Caraang. Marakbak. Bray, haté ngempray. Tapi cangcaya terus nodélan. Ngaléléwaan. Deuh, hayang teuing gancang ngarawu teuteupna. Hayang nyangheuy dina liuh-liuh pameunteuna. Ragamang, dua leungeun ngaragamang. Ngan rikat dicentok deui. Sérab ku marakbakna héhérang soca salira. Ngarewégan batin nu beuki héngkér. Gebeg. Rét kana tangtungan. Apan ieu awak masih bobolokot. Ieu céda ngagaraleng kénéh dina sela-sela réngkak. Hanyir nanah can kakumbah. Ngadaragleg dina biwir, dina letah, dina ceuli, dina juru-juru panon. “Hapunten! Rumaos!” ceuk kuring bari terus ngagujubar kana talaga ciibun. “Tah kasayna! Teu hadé ka jungjunan mawa awak bau hangru!” ceuk saban keclak nu niir embun-embunan. Basa hanjat, aya sora halon naker, “Pami badé leres-leres énggal atuh geura khitbah!”* Nana Sukmana-kisuta.com


