Haréwos
LAIN sakali dua kali ngadénge béja yén salakina reureujengan jeung awéwé, malah sakali mangsa kungsi paudag-udag kawas di Sentul, hanjakal kapotong ku lampu setopan, mobil salakina lolos ngabiur teuing ka mana. Amprok di imah dor-dar ramé, barudak ngahephep di kamar.
Pareng aya acara sérémonial siga nu enya, nyanyi duét duaan di luhur panggung, majar teh teu ngeunah kunu ngondang, leungeun pacekel-cekel ari panon hurung balas silih léntab.
"Pah, engké sonten Bu Ketu ngulem aqéqahan putuna, mam tos nyiapkeun raksukan, tah ngahaja ngarah maching ti butik langganan téa.”
"Aduh teu bisa mam, aya giat wengi ieu mah, jeung budak wé."
Lung gamis sutra dialungkeun, baju kokona dikekesek brus kana seuseuhan.
"Gimana jadi ga say? ga kuat niih !! tempat biasa pokonya ya!"
Cikikik sora nu seuri. "Aku sudah paké lingeri niih !! cepet sinih, gépéél pokonya."
Tok-tok-tok...kamar 509 aya nu ngetrok.
"Room service!"
Kulutrak panto dibuka. “DOR-DOR !!!” Jerit sora awéwé.
“DOR!!!” Les, guprak panonna buncelik, getih ngabayabah.
Langeor aya nu asup kana jero lift, gamis sutra maching jeung tiungna, nyéh seuri bari ngaca.
"Bye papah!" Haréwosna bari nyusut cimata.* Cucu Unisah-kisuta.com


