Banda
MIMITINA mah barang-barang nu gedé nu diampihan téh. Sarupaning lomari, korsi, tempat tidur, bupét, kulkas, mesin cuci, kipas angin, sofa, méja toilét. Cohagna mah parabot-parabot nu diperlukeun.
Sanajan, Pa Rohim, carogéna, langkung tumaninah upami bumina ukur dieusian lomari pakean, rak buku, sareng bupét keur nyimpen dahareun jeung parabotna. “Diuk mah pan bisa sila atawa emok dina alketip? Saré cukup ngagelar kasur ditilaman samak atawa alketip,” saur Pa Rohim.
Leuwih ti kitu, nu matak rungsing saréréa, Bu Ratni oge resep méséran cangkir, séndok, pigura, sendal, tas, karémbong, bonéka, jeung loba-loba deui. Kituna téh barang pésérna teh meh tiap minggu. Atuh, piring ge aya belasna atawa puluhna pisan. Lian tinu cépér, aya nu cembung, nu gambar kembang, gambar écéng, jeung sajabana. Padahal, nu sapopoé dahar di imahna ukur Pa Rohim, Bu Ratni, jeung kuring. Putra-putrana tos arageung, tos marisah. Ukur Lebaran marulihna téh. Salaku bujangna, kuring capé ngelapan barang nu arang dipaké.* Maman Gantra-kisuta.com


