Sésa
KEUR meumeujeuhna lapar mah, karasana sok sagala hayang.
Antukna anu ditulis dina daptar ménu, teu sirikna dipesen kabéh.
Hayam panggang, tumis kangkung, karédok, pais jeroan, pais
oncom, goréng tahu, goréng asin, beuleum peuteuy, lalab
lengkep jeung sambelna sacoét mutung.
Teu tinggaleun angeun
haseum. Cai ntéh mah puguh haratis, ditambahan deui ku jus
strobéri.
Can katoél kabéh deungeun sangu téh, kaburu kamerkaan.
Teurab mah geus tilu rintakan. Teu kuat cengkat-cengkat acan.
Asin, pais oncom, jeroan jeung goréng tahu nyésa loba kénéh.
Mun teu dibéakeun, pastina gé kapiceun. Nyaah.
"Ieu mah bungkus wé," bari tutunjuk kanu nyésa basa lekasan
"Dipisah atanapi..."
"Dihijikeun wé lah, keur ucing da..," cékéng nutupan kaisin.Légég.
Rikat piringna dicarokotan, dibawa ka dapur. Teu lila, ngasongkeun
kérésék.
"Naha asa jadi loba ?" Bari nampanan kérésék nu karasa beurat
"Ditambihan Pa, da seueur sésa didapur, kanggo ucing ieuh sanés ?"
pokna teu kireum-kireum.* Is Tuning-kisuta.com


