Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Drama

Kabayan Ngalanglang Jaman (5)

Kamis, 21 Februari 2013

MASIH SUASANA BATAVIA (BATAWI) DINA ABAD KA-18.
DI PAGURON SILAT "BOEAJA DARAT". KALAWAN SUMANGET, BANG PUASA MINGPIN ANAK BUAHNA LATIHAN PASANG JURUS. TOROJOL TUAN KAWASA, DIIRINGKEUN KU PARA KUMPENI.
PARA KUMPENI TÉH NGABARIS BÉRÉS BARI CEUCEULEUWEUNGAN NGAHALEUANGKEUN LAGU "DIAJAR BARIS"-NA MANG KOKO, ANU RUMPAKANA DIROBAH JADI KIEU:

Berilah jalan ini Kumpeni
pasukan pengawal Menir Willem
Tuan Tanah yang kawasa
penguasa Batavia

Ini Kumpeni kalo berjalan
semua kepala musti tunduk
Biar kowé tau hormat
nih Kumpeni mau liwat

Inlander kowé, kowé inlander
siapa ngebandél kowé mampus
Biar bangké kowé busuk
Good verdom zég! Good verdom zég!

SABOT PARA KUMPENI CEUCEULEUWEUNGAN NGAHALEUANG, BANG PUASA JEUNG ANAK BUAHNA SAYAGA NYANGHAREUPAN SAGALA KAMUNGKINAN.
RÉNGSÉ PARA KUMPENI NGAHALEUANG, TUAN KAWASA NYAMPEURKEUN KA BANG PUASA.

TUAN KAWASA
Kowé nu boga ngaran Bang Puasé...?

BANG PUASA
Kagak salah, Menir!

TUAN KAWASA
Kowé kenal ka nu ngaranna Sami'un...?

BANG PUASA
Oh, kenal, Menir. Kenal pisan. Kusir délman, sok anter-jémput Nyai Dasimah ka pasar.

TUAN KAWASA
Ow, jadi kowé nyaho nya, Nyi Dasimah ada maén jeung itu kusir nu ngaranna Si Sami’un?

BANG PUASA
Wah, itu mah geus lain rusiah deui, Menir. Sa-daérah Kwitang mah geus arapaleun. Geus jadi isu sabiwir hiji.

TUAN KAWASA UNGGUT-UNGGUTAN. TULUY IMUT. IMUT NU NYIDEM NIAT CULIKA.

TUAN KAWASA
Kowé henteu tanya, kadatangan ik ka dieu kira-kirana rék aya naon, hah?

BANG PUASA
Oh, iyé, iyé, Menir... aya maksud naon Menir tumorojog ka ieu Paguron Silat "Buaya Darat"?

TUAN KAWASA
Nah, pertanyaan éta nu ku ik ditunggu-tunggu. Kowé hayang nyaho jawabna?
(BANG PUASA UNGGEUK)
Ik rék méré ieu gawé keur kowé...!

BANG PUASA
Gawé? Gawé naon, Menir?

TUAN KAWASA
Kowé sanggup maténi itu Si Sami'un jeung Si Nyai?

BANG PUASA
Nyai, Menir? Nyai Dasimé?

TUAN KAWASA
Bener!

BANG PUASA
Naha teu salah, Menir?

TUAN KAWASA
Kowé daék atawa henteu, hah? Lamun kowé embung, ik bakal masrahkeun ik boga gawé keur jawara-jawara séjénna di ieu Batavia. Tapi, tong salahkeun ik lamun engké kowé ngarasa kaduhung.
Naha kowé teu hayang meunangkeun hadiah nu saabreg-abreg ti Kompeni, hah?

BANG PUASA
(SANGGEUS MIKIR SAJONGJONGAN)
Tong hariwang, Menir. Ayé tarima. Demi Menir ayé siap makalangan. Bakal ayé bacok tuh Si Mi'un jeung Nyai, supaya Menir ngarasa senang!

TUAN KAWASA
Gud, gud, gud!

BANG PUASA
Tapi, Menir... Naha tugas maténi Si Mi'un amé Nyai Dasimé bet ditibankan ka ayé? Padahal kan gampil pisan Menir bisa kerahkeun pasukan Kumpeni, keun sina ringsek tuh Si Mi'un nu minculak téa téh.

TUAN KAWASA
Stratégi, Bang Puasé! Ieu ngaranna stratégi! Politik kan perlu stratégi.

BANG PUASA
Stratégi kumaha, Menir?

TUAN KAWASA
O, itu ik boga kartu. Teu meunang ik buka-buka. Ngaranna gé kan stratégi, masa kudu ik bocorkan ka kowé. Ké lamun kowé niru-niru ik boga stratégi, atuh bakal rawan tah situasi jeung kondisi di Batavia, hususna di ieu Kwitang.

KEUR KITU, KA ÉTA TEMPAT TOROJOL BAÉ SANGKURIANG JEUNG PROF. KABAYAN.

TUAN KAWASA
Aha, pucuk dicinta ulam tiba. Si Kancil nyasar ka kandang macan, hah.
Héh, Bang Puasé, ieu manusana nu ngaranna Sami'un téh? (NUNJUK KA SANGKURIANG).

BANG PUASA
Oh, lain, Menir. Lain Si Mi'un...

TUAN KAWASA
Lain Si Mi'un? Na saha atuh ieu mangkeluk téh, hah?

BANG PUASA
Duka atuh, Menir.
(KA SANGKURIANG) Héh, saha elu boga ngaran, hah? Kumawani teuing elu nyaru-nyaru Si Mi'un!

PROF. KABAYAN
Kabayan, Jawara! Profésor Kabayan!

BANG PUASA
Gué teu nanya elu, tapi batur elu nu itu tuh! (NUNJUK SANGKURIANG). Saha manéhna téh, hah?

TUAN KAWASA
(KA SANGKURIANG)
Good verdom, zég! Naha kowé bongé, hah?! Jawab, saha kowé boga ngaran?!

SANGKURIANG
Apalah artinya sebuah nama, Menir...

TUAN KAWASA
(NYAKAKAK)
Wuahahaha..., ieu manusa kawasna turunan pujangga Éngland, hahaha... Luar biasa, luar biasa! Turunan Willem Shakespeare, hahaha...! Pantes, pantes! Pantes kowé boga penampilan kacida klasik. Ik ogé boga ngaran Willem, tapi euweuh hubunganna jeung manusa nu boga ngaran Willem Shakespeare, hahaha...!!
Meunggeus, dilarang ngahambur-hambur bacot deui, kowé! Najan kowé lain Sami'un, kowé tetep bakal is déad, lantaran bukti pisan kowé geus kumawani ngaganggu ik boga nyonya...
(KA BANG PUASA) Bang Puasé, kowé boga gawé.. Én éta gawé nunggu kowé gancang bertindak!
(GEJLIG NYINGKAH TI DINYA, DITUTURKEUN KU PARA KUMPENI PANGAWALNA)

BANG PUASA
Siap, Menir! Ayé bérésin!

BANG PUASA MASANG JURUS. KITU DEUI SANGKURIANG. ADEGAN ADU TANDING LUMANGSUNG DI ANTARA DUANANA. PROF. KABAYAN RÉK MILU MANTUAN, TAPI DITALIKUNG KU ANAK BUAH BANG PUASA. LILA-LILA MAH SANGKURIANG KATÉTÉR DA DICURANGAN KU BANG PUASA, TEPI KA NGAJURAHROHNA.

PAMAÉN SANGKURIANG
(BARI HUDANG, MALIK KEUHEUL KA NU MERANKEUN BANG PUASA)
Kumaha ilaing téh. Kuduna mah uing anu meunang téh, euy! Da euweuh dina naskahna uing kudu éléh. Kapan uing téh merankeun tokoh Sangkuriang! Sangkuriang Sakti! Matak disebut kitu gé, euweuh nu bisa ngéléhkeun, euy! Bisa-bisa démo atuh rayat Priangan téh!

PAMAÉN BANG PUASA
Éh..., lamun Bang Puasa anu éléh, hég tuluy paéh, rék ku saha dipaténina atuh Sami'un jeung Nyai Dasimah? Atuh euweuh fungsina tokoh Bang Puasa téh mun kitu mah.

PAMAÉN SANGKURIANG
Jadi..., uing téh kudu ngéléhan atuh, nya?

PAMAÉN BANG PUASA
Lain ngéléhan, tapi éléh! Silaing kudu éléh!

PAMAÉN SANGKURIANG
Teu parok jeung naskah atuh, euy!

PAMAÉN BANG PUASA
Ah, da bonganna manéh hayang jadi tokoh Sangkuriang. Jadi wé kudu ngalaman wirang di kolong catang!

TOROJOL SUTRADARA BARI KUKULUTUS.

SUTRADARA
Nanaonan ieu téh, euy, maranéh mah paséa téh teu di mana teu di mendi.
Sing éra atuh, mani teu profésional pisan magelaran téh.
Jeung éta deuih manéh… (NUNJUK KA PAMAÉN KABAYAN), manéh mah lain pisah ari aya nu paraséa téh. Ieu mah kalah diantep.

PAMAÉN KABAYAN
Keun baé, Pa Sutradara, ambéh ramé. Da moal ramé alam dunya téh mun teu paraséa mah.

SUTRADARA
Si, siah! Abong kéna merankeun Kabayan. Geus kapangaruhan ku ismeu Si Kabayan, nya, manéh téh?

PAMAÉN BANG PUASA
(NUNJUK KA PAMAÉN SANGKURIANG)
Tah, Si Ieu heula nu ngamimitian, Pa Sutradara.

PAMAÉN SANGKURIANG
Da bonganna manéh gelutna bet curang, jadi wé uing ngajurahroh ku panarajang di dinya. Kuduna mah Sangkuriang siah nu meunang téh. Da dina naskahna gé kudu meunang.

PAMAÉN BANG PUASA
Nya henteu! Justru Bang Puasa nu kudu meunang mah.

SUTRADARA
Meunggeus, meunggeus! Tong ngagegedékeun teuing paséa, éra siah! Meunggeus, ayeuna mah geura tuluykeun kana babak satuluyna.

BARI TINGKECEWIS TINGGELENDENG, PAMAÉN SANGKURIANG JEUNG PAMAÉN BANG PUASA NINGGALKEUN PANGGUNG, MURU KALUAR. DITUTURKEUN KU PAMAÉN KABAYAN.

SUTRADARA
(KA NU LALAJO)
Éhéh, hapunten anu kasuhun, Bapa-bapa, Ibu-ibu miwah Sadérék sadaya, ieu pagelaran kapaksa kedah dilirénkeun heula sakedap, ku margi… sakumaha anu parantos kasaksén ku sadayana, nu merankeun Sangkuriang sareng Bang Puasa téh kalah hayoh paraséa. Cindekna mah aranjeunna téh teu proféssional, tur teu proporsional.
Tapi tong ringrang tong honcéwang, parapanongton, ieu pagelaran masih kénéh tiasa dilajengkeun kana babak saterasna, tanpa kaganggu ku intermézzo kawas nu nembé kajantenan. Mangga nyanggakeun.
(NGALÉOS)

 Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya