Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Nongton Underground 2

Kamis, 21 Februari 2013

Aya kujang luhur panggung

kujang dua seuseukeutna

nu ngagembrung luhur panggung

newek haté ti jauhna

Sajorowok tina genggerong

aing JASAD* getih Sunda

seja panceg dina galur

mo ingkah najan awak lebur 

*salah sahiji grup musik métal ti Bandung

 Ibnu Hijar Apandi-kisuta.com 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya