Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Lirih Dipirig Tasbih (Ramadan 3)

Kamis, 21 Februari 2013

JUNGJUNAN, ieu jantung beuki rapluk. Nyengka ibarat kawah. Waruga janten ngagibrig. Teras parat kana mamaras. Asa teu percanten tuda, wengi ieu bakal paadu teteup deui sareng salira. Haté Engkang mingkin galécok. Hoyong ngabedah-bedahkeun kakangen. Namung ieu lambey lir dijarumat. Asa kagok nya badé pok. Inggis mamanis téh hinis. Tapi pan ari kereteg, kedah wantun sareng pokna. Nu ratug diteteg-teteg, malar tatag nya balaka. “Manawi niat sarimbag, sareundeuk nataran léngkah,” sanggem Engkang. Leuh, salira anggur tumungkul. Nyumputkeun imut di sapengkereun cangcaya Engkang. Teu aya lisan sakecap, kantenan runtuyan basa. Matak linglung anu liwung. Engkang janten samar rampa. Wengi ngadadak bayeungyang. Teu kiat hoyong ngajéngkat. Da salira anggur balem. Tapi imut asa langkung ngagelenyu. “Sing awas kana rindatna!” haréwos ngélingan deui. Engkang énggal maling rérét. Aeh, geuning leres baé. Tina héhérang soca salira tinggurilap ranggeuyan héman. Waktos batin hareugeueun, teuteup téh nyarios leuleuy, “Abdi nampi khitbah Engkang.” Dunya mabra dipirig lirihna tasbih.* Nana Sukmana-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya