Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Oyag Camara

Jumat, 22 Februari 2013

AWAK teh asa rampohpoy. Komo basa nempo manehna norojol. Dibaju panjang. Bodas-bodas. Ceuli kencana diselapan kembang ros kayas. Teu sirikna disered basa asup ka jero teh. Breh. Teu jauh tina panyangka. Di jero imah sakieu ahengna. Dipapaesan ku tilu tangkal camara. Hanjakal tiiseun kacida. Euweuh sora, teu kadenge lagu gareja. Ret, kana tembok. Tingjareblag tapak lalakon hirupna. Ti burey, nepi ka dedegan nu matak ruy-rey. Ti budak, nepi ka tangtungan nu matak nyeblak. Ret deui ka manehna. Nu katempo jiga nu samar rampa. Leungeun hideng ngaragamang. Muru beungeut nu ngagenclang. Manehna teu ieuh ngaringkang. Ramo teh kalah ngaleok. Manehna katara jiga nu helok. Ceg, kana loceng nu ngagantel dina regang camara gigireunana. Dioyag-oyag. Harus meueusan. Manehna seuri semu ditahan.

Basa ti luar kadenge sora adan, manehna nyelang heula ka kamarna. Jol deui teh ngadon mikeun sajadah jeung kopeah.
"Netepan Magrib heula geura, bade di kamar abdi oge mangga..."* Asep Komara-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya