Si Lenyap
NGAGENCLANG. Badis artis India. Ngumbar imut panyeureud. Loba ucing kampus tingaréong, Arjuna kampus ogé teu walakaya. Tetep nagen. Kaduhung bet nitip salam ka si Tina, nu jadi sobatna. Kring hapé disada. Gebeg. SMS ti si Tina.
Ungkarana bangun meunang ngukir, meni éndah. Ngan kalimah panungtung, najan lemes, tapi peurih, nonjok angen. Kontrakan Sinta ngan kahalangan dua imah. Peutingan simpé. Teu bisa peureum. Rét ka Si Lenyap, suling warisan ti Abah Somad. Laju dicokot. “Rumasa, aing mah kemba, cik, pang nepikeun, sora manéh, sora aing!” Cekéng. Bari diusapan . Laju ditiup bari peureum, dina lagu sedih prihatin. Haté museur dipantengkeun. Isukna pasangrok. Belenyéh. Serr. “Ih, meni raoseun nyulingna,” Pokna. Bray haté ngempray. Surak. Irung ngadadak rebéh. Pleng. Saminggu teu panggih. Haté marudah. Kring, hapé disada. SMS. dibaca.”Kang Uy, minggu payun, kaul nyuling nya!” Rét, kanu ngagolér handapeun panto. Rét ka Si Lenyap. Bangun nu keur rambisak.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


