Sastra & Humor
Fikmin
Wasiat
Sabtu, 23 Februari 2013
DI tepas. Réang nu maca surat yasin. Si Bungsu nyegruk dina tonggong, tipepereket muntang kana taktak. Nu pias ragas. Nampayak teu walakaya. Leungeun ngeleper, teu lésot tina tasbé. Geulisna mah, masih nyésa dina sela-sela renyuna.
“Pa, dangukeun nya.., bilih Mamah nyanding wancina, keuna dihin pinasti,” pokna. Semu haroshos. Teu kawawa, cipanon ngalémbéréh. “Istigfar Mah, teu kenging nyarios kitu! Cekéng. Negerkeun haténa. Manéhna ngarérét ka Ipah, anu teu reureuh kunyam-kunyem wirid, teu jauh tina tunjangeunana. Gap, kana leungeun Ipah. Gap, kana leungeun kuring. Ditumpangkeun.* Yuharno Uyuh-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


