Sasakala Batu Kuwung
Kabéh pangeusi lembur héwa jasa kana Juragan beunghar éta. Sombong, korét, sarakah, raja téga, poko namah ngabadeg pasipat joré dina manéhna. Hiji punjulna éta, BEUNGHAR.
"Naeun dia ménta-ménta kana kula, émangna meunang babari tah, harta banda ieu? Gasik nyingkah dia, lalanjung aing neuleuna," cénah bari nalipak bapa kolot nu namprakeun lengeunna. "Sasapaan aing, dia bakal lumpuh jagisuk" cék nu kena mamarahan. Laju, les, ngaleungit.
Isukna géhgér, "juragan lumpuh". Ceuk cénah, bisa cageur mun tapa nujuh poé, dina batu némprak di suku Gunung Karang. Laju haté kudu jangji, deuk mikeun satengah bandana kana warga di dinya.
Bakat kuhayang cageur, lajunamah dilakonan baé burung.
Tina batu némprak, kupédah didiukan baé, nepi ka lekong. Cor poé ka tujuh kaluar cai haneut, maseuhan cokor lumpuhna. Koréjat jagjag. Bray bapa kolot nu diusir némbongan ngingetan sasaratan téa geun. Les deui leungit. Batu lekong jadi ngalegaan, jadi kuwung, pangmandian. Caina haneut meujeuh, sakur nu kadinya sirna unggal kasakit.
Beuh, urang Padarincang haren jasa. Hanjakal, si juragan teu boga turunan, ja teu boga éwé-éwé acan.* Rohendi Pandeglang-kisuta.com


