Nu Ngagecruk Tengah Peuting
NGARANGRANGAN. Samoja. Di pajaratan. Pugur. Patutur-tutur jeung umur. Dangdaunan maruragan. Nutupan tutunggul. Ngabalaan paésan. Sawaréh pating kalayang. Kabawa angin. Ngalakay. Ngajingjing nasib séwang-séwang.
"Wanci" ceuk anjeun. Dareuda. "Geuning wanci téh geus kagiridig pati" ngaharéwos semu lumengis. "Sareupna ngurebkeun, ayeuna geus kudu ngalombang deui." Mingkin kingkin. "Lalakon kahirupan. Runtuyan carita nu dipungkas ku kidung pileuleuyan. Ahuuungngng... Ahung..." Humariring. Anjeun. Ngawihkeun tembang kapapatén. Dipirig ku sora koréak jeung hiliwir angin. Peuting ngarayap jeung jemplingna. Anjeun. Anteng. Ngabebenah marudahna rasa. Satengahing simpé. Ngagecruk nyieun lombang. Handapeun bulan surem nu keur ngeunteung na tetengger. "Itungan. Duh, itungan. Teuing geus tepi ka mana, teuing kari sakumaha." Gecruk deui. Langit leungiteun béntang. Ukur aya aleutan méga hideung. Ngalalangséan. "Mmh... boa ti dinya pati nyéntangna" ceuk anjeun dina gecruk panganggeusan.* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com


