Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sabada Ijab Lekasan (Ramadan 4)

Sabtu, 23 Februari 2013

“SAH!” dua saksi saur manuk. Bulan béntang nyaur rampak sapamendak. Ali meneng dilelepkeun. Ijab ditéma ku suka, kabul ditungtungan sapuk. Kahamham minda rupa janten bagja. Panon Engkang sésélékét kana damis. Pasarandog sareng imut. Ngagelenyu ditilaman ku mamanis. Tinggarilap cikatresna tina peureundeuy kadeudeuh. Teras rembes kana saban gurat urat. Mingkin lami tinggulidag. Ngamuara dina rénghap. Talaga tingtrim ku peuting. Wengi ieu, Jungjunan, asa hoyong énggal ocon. “Pajuaran tos ruménghap, ngantos gumulungna cinta,” saur kiceup. Ngawakilan sora nu sesah badé balaka. Langgéor salira jengkar. Pameunteu linduk purnama. Ngaléléké ngajak simpé. Raga nyangsaya na lelemes cahayana. Tingkuniang kahayang paheula-heula. “Ngantos naon deui? Urang cacapkeun ayeuna!” suanten salira halon. Tel, lambey paantel dina tiisna tasbih. Ter, batin gumeter. Wengi beuki mucicid. Angin noroktok mipir-mipir jempling. Tapi salira bet kalahka mingkin motah Ngajak guntreng dina sapengkereun mihrab. Ngabedahkeun hégak takbir. Silih rungrum ku tadarus. Basa ngagayuh ka subuh, Enung ngaharéwos deui, “Urang ngaderes sésa wengi!”* Nana Sukmana-kisuta.com

 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya