Warta Kota
PANONNA anteng neuteup gambar dina TV bari nyangkorah dina sofa di juru kamar. Acarana mangrupa warta ngeunaan rupa-rupa kajadian anu lumangsung di saantéro nusantara. Lolobana mah nyaritakeun bencana nu tumiba di
sababaraha wewengkon, boh banjir nu teu saat-saat kusabab hujan sakitu ngecrekna, longsor nu mawa korban jiwa, angin puyuh nu ngancurkeun sagalana, ogé lini anu milu ngainggeungkeun alam dunya anu geus ropoh ku kakolotanana. Kawas embung éléh, warta ngeunaan jalma paraséa, démonstrasi pikeun nurunkeun pamaréntahan nu keur kumawasa, naékna harga-harga, nepika raména nu keur jualan program dina Pemilukada, mapaésan layar kaca anu geus jadi bagéan tina kahirupan masarakat ayeuna. Pamungkasna aya hiji warta ngeunaan awéwé anu téga mergasa salakina alatan kanyenyerian arék didua.
Manéhna rumahuh, remote digolérkeun luhur méja. Panonna ngembeng ku cimata.
“Hampura, Akang.....!” dumareuda. Tuluy cengkat, sakedapan ngarérét ka palebah layon pamajikanana nu patunjang-tunjang jeung lalaki nu kungsi jadi sobat dalitna. Bau hangru getih marengan léngkahna ninggalkeun kamar 103, hotél melati Simpang Lima.* Zulaikha Sobana-kisuta.com


