Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Tyas

Minggu, 24 Februari 2013

SAGARA nu manjang, kateuteup keur ngeunteung kana langit luhureunnana. Basa matapoé lalaunan mapay mangsa. "Siga pulas tiung anjeun, Yas," ceuk kuring bari ngajeungkalan biruna sagara ku tungtung haté. Euweuh nu mairan. Ukur hiliwirna angin basisir nu maturan. "Siga soca anjeun oge, Yas." Sagara bet leuwih biru katingalina. Kikisik lebah basisir kapireng ngaharewoskeun wangkongan kuring jeung anjeun dua taun katukang. Wangkongan nu meueut. Nu biru siga sagara nu keur ngeunteung kana langit luhureunnana. "Basa anjeun kapendak mah. Sagara téh beureum, Yas. Getih di mamana. Komo na mastaka anjeun mah." Ahmad Fawzy Imron-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya