Sastra & Humor
Fikmin
Geus Biasa
Minggu, 24 Februari 2013
Béda jeung sapuluh taun ka tukang. Ti Dago ka Kopo téh ayeuna mah kanjat sajam leuwih. Cacak kana motor, bisa suat-siet sésélékét. Keur pokus néangan sesela mobil, Amih nepak taktak satakerna. Reg eureun di antara treuk jeung Avanza.
“Balik deui, San! Gancangkeun!”
“Ka bumi?” cekéng téh sarua tarikna.
“Nya, enya, atuh! Burukeun!” Panangan katuhuna diayun-ayun, isarah sangkan motor bisa ‘balik arah’.
Teu loba tatanya, motor digas. Padahal lain waktu sakeudeung. Jaba mindeng macét. Teu wudu nepi ogé. Reg hareupeun imah.
“Naon kitu nu kakantunna, Mih?” Sanggeus muka hélm, tuluy ngelapan késang.
“Nyéta, alat bantu dengar! Pan Amih rék diwawancara. Bisi saliwang, kéh!” Pananganana sibuk muka konci pager beusi.
“Haar…?” Teti Taryani-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


