Nu Ngalangeu Na Jandéla Karéta
TEUTEUPNA beueus. Jauh ka luar jandéla. Kana amparan sawah. Kana jungkiring gunung. Kana lungkawingna jungkrang. Kana gumplukan suhunan. Kana kabel nu pajuranteng. Teu bina ti pikiranna. But-bat. Ka ditu ka dieu. Ka saban jaman nu kungsi kasaba.
"Duh, tepi ka iraha atuh kudu abur-aburan téh?" Gerentes haténa. Clak. Cipanonna. Maseuhan kulit pipi. "Naha beut bangun nu taya kacapé?" Ras ka anakna. Nu haben ngungudag. Ngajak mulang. "Lain teu nyaah, Jalu Anaking, lain teu hayang hirup babarengan." Reg. Karéta dumadak eureun. Di hiji leuweung hieum. Jlung-jleng. Pirang lalaki singsarwa bodas. Unggah kana karéta. "Paluruh di unggal gerbong!" ceuk nu pangkasépna, semu nyorowok. Panonna buringas. Néangan. "Kapan ceuk hidep harita, Jalu, lakum dienukum wa li yadien ..." Gajleng. Manéhna. Luncat tina jandéla. Ngagaur. Laju ngabiur. Kabur. Kana kelemeng leuweung peteng.* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com


