Pajajaran Anyar, Ngadegna Digeuingkeun ku Obah Jaman
Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman!
PAJAJARAN anyar? Nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman? Ieu uga ngabalukarkeun rupa-rupa tafsiran. Salahsahijina, “Pajajaran anyar téh taya lian ti otonomi daérah, otda,” ceuk Ir. Oman Abdurrahman, karyawan Diréktorat Vulkanologi nu jadi kuncén millis (milling list) urangsunda di dunia maya atawa di internét.

Karajaan Sunda tepi ka runtagna henteu kawas karajaan di Jawa. Di Jawa mah nu kakawasaan téh museur di saurang, di raja. “Ari di Sunda, raja masrahkeun kakawasaan dina hal pamaréntahan (éksékutif) ka kulawadetna di daérah nu kaéréh ka karajaanana,” ceuk Jakob Sumardjo, dosen STSI Bandung.
Unggal daérah boga kapala pamaréntahan sorangan sarta kawijakanana henteu gumantung ka raja di puseur karajaan. Najan kitu kapala pamaréntah tetep tunduk ka raja, henteu bahula, pamaréntahan kapala daérah tetep ngaku daérahna kaéréh ka karajaan induk. “Ayeuna mah disebutna téh otonomi daérah téa,” ceuk Ir. Oman.
Pamaréntahan jaman karajaan Sunda jeung otonomi daérah garis badagna mah sarua, anu béda téh bentukna. “Meunang sababaraha ratus taun pola pamaréntahan jaman karajaan Sunda henteu dipaké. Kitu deui sanggeus nagara urang merdéka. Karék sanggeus reformasi taun 1998, dipaké deui,” ceuk Ir. Oman.
Ir. Oman nyebutkeun nu dimaksud Pajajaran anyar dina wangsit Siliwangi nyaéta bentuk pamaréntahan otonomi daérah nu dijalankeun alatan bentuk pamaréntahan nu museur di hiji leungeun jeung di hiji tempat kabuktian henteu mampuh ngaronjatkeun karaharjaan masarakat. “Ieu nu dimaksud digeuingkeun ku obah jaman téh,” pokna.
Ceuk Ir. Oman, Pajajaran anyar lain hartina ngadeg deui karajaan Sunda nu sarua jeung baheula jaman karajaan Sunda nanjung. “Lebah dieu urang teu perlu ngalieuk ka tukang sarta ngangen-ngangen ngadegna Pajajaran atawa karajaan Sunda. Dina wangsit Siliwangi gé, apan sababaraha kali dielingan sangkan ulah ngalieuk ka tukang!” pokna.
Ulah ngalieuk ka tukang jero pisan hartina, urang ulah tepi ka kapati-pati, ngimpikeun, kagembang kana naon-naon nu geus kaliwat. “Kalimah dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, ngélingan sangkan urang téh visionér nempo kahareup jeung kudu ngutamakeun préstasi,” ceuk Ir. Oman.
Lain hartina urang kudu mopohokeun atawa ngabaékeun sajarah, kana kaayaan atawa kajadian nu lumangsung ka tukang tetep urang kudu nyaho, ngan lain hartina urang kudu balik deui ka jaman ka tukang. “Urang ulah mopohokeun sajarah sangkan urang dina lumampah boga obor, boga cecekelan,” ceuk Ir. Oman.
Dina jaman karajaan Sunda, babakuna jaman Niskala Wastukancana jeung Sri Baduga Maharaja, anu perlu jadi conto téh wijaksanana jeung tulaténna raja. “Pangaruh raja nu wijaksana, jaman Niskala Wastukancana nu maréntah salila 104 taun, di karajaan Sunda teu kungsi ngalaman musibah alam,” ceuk Ir. Oman.
Anu disebut kapala nagara, pamingpin, henteu cicing di istana atawa karaton, tapi di pasar. “Ieu ngandung harti anu disebut pamingpin kumaha waé tingkatan kudu remen nengetan masarakat sangkan kanyahoan bangbaluhna, pangabutuhna jeung kereteg haténa. Pamingpin kudu mentingkeun nu dipingpinna,” ceuk Ir. Oman.
Ceuk Wangsit Siliwangi mah pamingpin nu kitu téh taya lian ti budak angon. “Di mana-mana ogé budak angon kacida pisan merhatikeun pisan kana angon-angonana, dibawa ka tegalan jukut nu hararéjo, sina seubeuh nyatuan, diriksa, dijaga sangkan ulah ngaranjah kebon batur jeung sangkan ulah cilaka,” ceuk Ir. Oman.
Budak angon reureuhna téh sanggeus nu diangonna ngampih kalayan merenah jeung aman, moal tepi ka diganggu ku sato galak. “Tah, pamingpin nu bener-bener pamingpin ogé kudu kitu, kudu kawas budak angon, beurang peuting anu diperhatikeunana masarakat, anu dipingpinna, lain dirina sorangan,” ceuk Ir Oman deui.
Ir. Oman nyebutkeun mun di Tatar Sunda geus mucunghul pamingpin nu pamakéna kawas budak angon, Tatar Sunda bakal waluya, sarta jadi conto ku wewengkon sejen. “Budak angonna ku urang kudu ditéangan, kudu dipilih, sarta disina mingpin pikeun daérah jeung ngeuyeuk masarakat. Di dinya lahir Pajajaran anyar,” pokna.* NS Priyatna-kisuta.com


