Kasarung
ASA teu percaya, Si Ucu bolos geus saminggu. Diguliksek, kalah ngeluk. Isukna dituturkeun. Méméh nepi ka sakola, budak méngkol ka palebah dapuran awi. Lol anak maung ngaléndotan. Diusapan, diambung ku Si Ucu.
Awakna mudigdig ngagedéan, buntutna kandel ku bulu. Clak, Si Ucu kana tonggongna. Maung ngabelesat, luncat meuntas walungan. Keur uleng nyérangkeun budak, srog téh gigireun, maung gedé ngadon depa. Awak ngeleper, kabur pangacian. Teu sadar geus diuk dina tonggongna. Biur, nyusul Si Ucu. Kasampak budak keur maénpo. Gajleng Si Ucu kana tunggul mahoni, taki-taki bari depa dina jurus ngintip musuh. Gajleng deui ngarungkup awak musuhna. Dipiting, ditewek beuheungna. Musuh ngagaur. Sot dikendoran. Rérés latihan, budak diriung, padangusapan, sung-song nu méré kadaharan. Kaciri laparna téh, hayam leuweung dihékak ngan sakétap. Sor, idangan keur kuring. Kelenci kekerejetan kénéh. Tapak huntu ngaliang dina sirahna. Dipelong bet matak uruy. Diasaan. Geuning kuring deudeuieun.* Teti Taryani-kisuta.com


