Salsé
BARUDAK geus indit ka sakola, teu lila disusul ku pamajikan nu indit ka pagawéan. Nyerangkeun heula nepi ka jirimna leungit di péngkolan, geus mastikeun mah, tuluy gura-giru asup ka imah.
Gerbang teu poho dipeundeutkeun bari digéréndél. Jebred! Léos ka dapur, teu katempo manéhna aya didinya. Kadéngé nu tingkolotrak di tukang. Disampeurkeun téh manéhna keur popoé kénéh.
"Ibuna tos angkat Pa?" Manéhna nanya.
"Enya, bieu..," ceuk kuring bari gagaro.
"Badé ayeuna?" Manéhna nanya deui.
"Hayu! Meungpeung seger kénéh!" Cékéng bari ngeupeulkeun ramo.
Sabot manéhna méréskeun jolang, sasadia heula. Teu lila, kuring miheulaan asup ka kamar, dituturkeun ku manéhna.
Nepi ka beurang, karék bérés ngecét kamar téh. Untung wé dibantuan ku si Dirja.* Is Tuning-kisuta.com


