Bray
ADUL jadi juragan matrial. Pantes. Makayana, teu sirikna hulu dijieun suku ‘pon kitu deui sabalikna. Awakna bayuhyuh, emang turunan sakanyaho mah. Alhamdulillah, kuring gé boga béca sorangan, meunang duit kadeudeuh ti Adul.
“Lah, Nyaho jeung Silaing ka gunung kromongna Si Adul téh, Lim!” Sardin neuteuli pédah kuring jeung Adul teu nambangan deui béca nu manéhna. “Aéh, tong padu engab, Din. Heueuh jeung déwék ngan nguruskeun warisana di Maja!” tembal kuring séwot.“Meugeus tuh aya muatan Din! Barina dipahing Suudon ceuk Ustad Marwan gé!” Kang Minta ngahuit. Regot kuring kana cikopi. Ari Sardin narik muatana. Peuting nincak ka janari. Bray! Pribumi nu marahmay. Dina méja makan. Sangu geus dialas, lalawuhna bakakak. Gusti nu Agung!
Bakakak budak etamah! Kuring jeung Adul pamit. Pribumi kekerot. Najis kudu ngahakan anak sorangan mah, rido ngabéca saumur-umur Gusti! Gerendeng Adul jeung kuring.* Kang IsMaya-kisuta.com


