Beus
AKI. Ngajanteng di sisi terminal. Neuteup kandaraan nu ngajajar. Calo. Kenék. Tingcorowok. Nanawarkeun beus nu pantes ditumpakan. Aki ngahuleng. Kabéh kenék muji sorangan. “Senayan! Senayan! Dijamin salamet dugi ka tujuan!” cék kenék. Rét kana gémbolan anu dibawana.
“Hariwang,” gerendengna, laju ditangkeup. Kenék jeung calo surti. “Sajabi ti fasilitas kumplit ogé aman. Bébas copét! Supirna gé jalmi suci. Kalebet abdi!” cék kenék. Karayu. Aki naék. Diuk di tengah. “Nyaan genah!” gémbolan dilahun. Beus nyemprung. Ngaliwatan tempat nu rada geueuman. Luak-léok. Reup. Poék. Bray. Lampu hurung deui. Bréh. Panumpang. Kénca katuhueun téh robah wujud. “Zombie!” nyorowok. “Sssssttttt!” kenék ngantelkeun curuk kana biwir. Létahna ngelel. Sihung ranggéténg. Reg. Eureun. Supir malik. Wujudna robah jadi ajag. Cungungung babaung. Gajleng ngarontok. Gémbolan direbut. Soék. Eusina mancawura. Jangji. Amanat. Ti rahayat. Paburisat. Aki pada ngarewég. Getihna ngalukrah. Beusna teu sakara-kara. Hangruna geus dilétakan.* Herdi Pamungkas-kisuta.com


