Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Nocturno

Selasa, 26 Februari 2013

aya nu melesat niruk jajantung waktu

basa ranggeuyan béntang di langit peuting di langit wening

tingkalices luhureun pucuk-pucuk pineus;

jamparing

                   jamparing

                                           niruk jajantung waktu

nguwak-ngawik umur nu teu eungeuh di waktu teu surti di wanci

ngobétan  jiwa jeung raga nu pasiksak

lir umpalan galura neumbragan parahu bobo

lir lambak nyuruwuk nyiksikan karang nu ropoh

beu, geuning aya kénéh nu can kapireng, Jungjunan

kalangkang hirup bet jiga wawayangan

diigel-igel ngigelan kahayang nu ngigelkeun

diéngklak-éngklak ngéngklakan nu boga wiwitan

dinangna-néngné sarébu gerak sarébu wirahma sarébu kekecapan

hojah!

                   hojah!

hojah gé bet teu bisa mijah, kabakutet

kasengker ku waktu kauger ku wanci

(umur ngeteyep mapay-mapay hambalan raga)

19 Séptémber 1994

Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya