Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Artefak Saung Lisung

Rabu, 27 Februari 2013

CUMELUK nembus sang waktu. Kumareumbing malipir wanci. Ngojayan sagara cimata nu geus pacampur jeung hangruna getih pangwisaya.

Masih aya galindeng tembang hawar-hawar ti palebah nyangkrungna leuwi sipatahunan, nu nyumput karimbunan kandelna halimun pabeubeurang. Sorana melas-melis lir anu kanyenyerian.

Sunan Ambu anteng ngawelah angen-angen pangharepan, ngudag raratan panineungan nu beuki samar ngajauhan.

Dina lengkob hate nu caneom, dipindingan dapuran manjah nu ngarangkadak, geuningan palebah dinya Ki Sunda bumetah.

Sunan Ambu geuwat muru, ngarungrum tutunggul nu geus kabulen ku kandelna lukut.

"Ngan tinggal paesan, tangka euweuh nu haat miara....!" sumegruk bati nalangsa, cisocana ngagulidag jadi caah rongkah nu ngaleled sagalana.* Zulaikha Sobana-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya