Si Étéh
AMPIR unggal poé sok mangmawakeun kembang. Atawa nyelang heula mangmacakeun mangpirang sajak petingan. Getén pisan Si Étéh suster nu éta mah. Henteu jiga baturna sapagawéan nu sok cicirihilan.
Ari ngarampaan ieu awak nu kari tulang jeung jeroan. Karunyaeun meureun Si Étéh mah. Pédah uing balaka yén uing téh nunggelis pisan. Teu sanak, teu kadang. Teu sobat-sobat acan. Uing asa kalepasan. Bet wawanian muka rusiah ka jalma nu anyar wawuh. Jadi lingsem teu puguh. Ngan Si Étéhna aya ku daréhdéh. Inget wé, unggal ngurunyung téh teu weléh dimimitian ku seuri ngahéhéh. Tuluy kaprak-keprek naon waé. Bari teu kendat nembongkeun cangkéngna nu lengkéh.
Tapi peuting ieu, réngkak Si Étéh bet karasa béda. Kituna téh sanggeus bieu lolongok jeung pada baturna, katut Dokter Jaga. Mémérés simbut, mémérés selang, jeung rupa-rupa parabotan. Éta geura, Si Étéh ngadon nyegruk di sisi ranjang. Teu nolih uing nu ngajanteng gigireunana pisan. Keur bingung nyeueung bugang sorangan.* Asep Komara-kisuta.com


