Meunang Milik
KANG Udin jeung Kang Odoy keur uplek ngobrol ngalor-ngidul, rengse ngiluan kontes manuk.
Odoy : "Din, teu kaharti manuk urang mah eleh wae lamun dibawa kontes teh. Anu maneh onaman sok pirajeunan meunang najan teu kungsi juara oge."
Udin : "Meunang nanahaon? Sarua we anu kuring oge eleh, lamun meunang mah kudu geus ngaboyong mobil!" nyureng.
Odoy : "Heueuh meunang we sakitu mah."
Udin : "Puguh eleh! Meunang, meunang weh? Meunang naon?"
Odoy : "Heueuh meunang wiwirang jeung kanyeri."
Udin : "Tah bener lamun kitu mah. Ngan sarua jeung maneh, meunang kapeurih!" seuri koneng, bari keuheul.
Odoy : "Teu jadi urang ngaboyong mobil teh, euy."
Udin : "Padahal lamun kuring dikersakeun meunang milik, euy. Tangtu salian ti mobil ka boyong oge harga manuk bisa ditawar ratusan juta. Aya buruhna tina hese cape ngurus jeung maraban teh."
Odoy : "Nu meunang milik mah tatangga kuring atuh. Alus eta mah milikna, Din."
Udin : "Meunang milik kumaha?"
Odoy : "Sarua manehna teh kawas urang jalma miskin. Hiji mangsa dibere anak manuk ku Ko Ohay, kabeneran turunan jawara. Kangaranan turunan jawara ari ku diurus mah pasti alus tah."
Udin : "Tuluy,"
Odoy : "Kusabab ngurusna teu bisaeun kawas Ko Ohay, meunang dua poe ge eta manuk teh paeh..."
Udin : "Palebah mana meunang milikna?"
Odiy : "Dengekeun heula. Ku sabab aral manuk pamere teh paeh, nya manehna ngincer manuk Ko Ohay anu hargana puluhan juta. Pas bongoh nu bogana manuk hade tur mahal bogana Ko Ohay dipaling. Na hatena yakin ieu manuk salian ti mahal teh jawara. Ko Ohay nyaho manukna aya nu maling geuntak ngumpulkeun baladna sangkan nyangkalak bangsat. Barang panggih nu malingna Ko Ohay marentahkeun ka anak buahna ku isyarat kana beuheungna ngageselkeun dampal leungeun. Milik eta mah tatangga kuring..."
Udin : "Dibikeun manukna?"
Odoy : "Lain."
Udin : "Naon atuh milik teh?"
Odoy : "Disiksa nepikeun ka rengkod, geus kitu digebluskeun kana obag. Dijero panjara aya nu nyekek nepi ka paeh. Dasar tatangga kuring mah keur alus milik."
Udin : "Milik?" manehna kalah gogodeg bari mencetan tarang. "Milik palebah manana ari silaing?"* Herdi Pamungkas-kisuta.com


