Gunung Salak, Leubeut Neundeun Titinggal Karuhun
GUNUNG Salak nu perenahna di tapel wates Kabupatén Sukabumi jeung Kabupatén Bogor, ceuk Éman Sulaéman, inohong Bogor nu maneuh ngajomantara di RRI Bogor ngaguar sajarah jeung budaya Sunda, asalna mah ngaranna Salaka. “Salaka téh bahasa Sansakerta, hartina emas,” pokna.
Salak dina ngaran Gunung Salak, Éman nyambung caritaanana, lain dicokot tina ngaran buah salak. Di alam Tatar Sunda mimitina mah henteu mikawanoh buah salak. “Buah nu ngaranna salak asalna ti Amérika Latin, dibawa ku urang luar, sanggeus karuhun urang Sunda ngayakeun hubungan jeung urang mancanagara,” pokna.
Salak nu ayeuna dipake ngaran ieu gunung nu luhurna 2111 meter tina beungeut cai laut (dari permukaan laut, dpl), ceuk Eman, robahan tina salaka. “Karuhun Sunda méré ngaran Salaka, sabab wewengkonna loba kandungan emas. “Apan tambang emas Pongkor ogé sabenerna mah bagéan tina Gunung Salak,” pokna.
Ngaran salaka ogé bisa dipatalikeun jeung karajaan Salakanagara nu puseur dayeuhna di Rajataputra, tempatna kira-kira di basisir kulon Pulo Jawa, deukeut Selat Sunda (ayeuna asup wilayah Provinsi Banten). “Karajaan Salakanagara, dumasar naskah Pangéran Wangsakerta, karajaan munggaran di Nusantara,” ceuk Éman.
Anu ngadegkeun karajaan Salakangara téh Dewawarman, urang India nu kawin ka Ni Pohaci Larasati, anak Aki Tirem, pamingpin masarakat di wewengkon Selat Sunda. Titimangsa ngadegna taun 52 Saka atawa taun 130 Maséhi. “Ti mimiti abad ka-5, Salakanagara carem, dikawasa ku karajaan Tarumanagara,” ceuk `Éman.
Di tutugan Gunung Salak aya pura (tempat ibadah umat Hindu) kuno nu dingaranan Kuil Prabu Siliwangi. Lian ti éta, di Gunung Salak aya titinggal Islam: pasaréan jeung patapan Éyang Santri, makam Embah Gunung Salak (ngaran aslina Radén K.H. Moh. Hasan Bin Raden K.H. Bahyudin Braja Kusumah), jeung makam Radén Tubagus Yusup Maulana Bin Séh Sarip Hidayatullah.
Éman bareng jeung nu resep ngulik sajarah Sunda ti Bogor, di Gunung Salak manggih 50 patempatan nu dianggap situs sajarah sarta geus diseminarkeun di Universitas Indonesia (UI). “Maluruh titinggal sajarah di Gunung Salak téh dumasar Carita Parahyangan (CP), tétéla loba nu akurna, “ pokna deui.
Di salahsahiji tutugan Gunung Salak aya batu nu unggal poé ngaluarkeun haseup menyan, disebutna téh Batu Menyan. Masarakat mindeng ngawénéhan ti langit turun cahaya bodas asup kana Batu Menyan. Jukut sabudeureunana ogé jadi cahayaan.
Taun 1995, di sabudeureun Batu Menyan, umat Hindu ngadegkeun pura nu badagna kadua ti Pura Besakih Bali, ngaranna Pura Parahyangan Agung Jagatkartha, méakkeun waragad Rp 15 milyar leuwih, diresmikeun (upacara Ngenteg Linggih) Agustus 2005. Parahyangan ku umat Hindu dihartikeun bumi suci.
Made Santika salahsaurang panitia Ngenteg Linggih (19-8-2005 – 29-9-2005), nyebutkeun ngadegna ieu pura nu satuluyna dijadikeun Hindu Center Nusantara (pusat agama Hindu di Nusantara) taya lian ti anugerah Gusti Hyang Widhi jeung dumasar réstu luluhur Sunda.
Dina upacara-upacara kaagamaanana, kaasup dina ibadah, umat Hindu, kaasup para pandétana, ngaran Prabu Siliwangi teu weleh diucapkeun. “Ku umat Hindu ogé, di Bali, Prabu Siliwangi téh diajénan jeung dihargaan pisan,” ceuk Ir. Roza R. Mintaredja, nonoman Sunda nu neuleuman kasundaan sarta kungsi nganjang ka Pura Parahyangan Agung Jagatkartha.
Umat Hindu nganggap lelewek Gunung Salak tadina pusat karajaan Hindu jeung ti dinya mimiti sumebarna agama Hindu. Ti jaman Salakanagara, Tarumagara, jeung panungtung Pakuan Padjadjaran. “Eta alesanana pangna di dieu (di tutugan Gunung Salak) diadegkeun pura,” ceuk Madé Santika.
Éman nyebutkeun ngaran salaka leuwih boga ajén mandiri, ti batan ngaran salak. “Salaka ngalantarankeun urang nganteng ka mangsa heubeul, ka karuhun urang, malah matak ngantebkeun rasa kasundaan. Prabu Siliwangi oge apan dipercaya tilemna téh di dinya, di Gunung Salak,” pokna.
Ku kituna, Éman ngaharepkeun pisan, ngaran Gunung Salak téh dibalikeun deui ka asalna: Gunung Salaka. “Salaka nu hartina emas, bisa jadi lain ukur emas nu biasa dipaké perhiasan, tapi aya ajén-inajén nu kudu dikali sarta gedé mangpaatna keur kahirupan. Gunung Salak ogé leubeut ku titinggal sajarah koréhaneun urang jeung entragan engké. Saha nu nyaho, ti Gunung Salak leunjeuran sajarah Sunda bisa leuwih kabuka jeung kaungkab,” pokna.
Pikeun nu resep unggah turun gunung jeung leuleuweungan, Gunung Salak téh ngabogaan karakter nu mandiri. Leuweungna geledegan kénéh, sarta médanna kaitung beurat jeung hésé. Nu karék gugunungan atawa leuleuweungan arang nu wanieun naék ka Gunung Salak ari teu dibarengan ku nu geus manukna di alam mah.
Gunung Salak kaasup gunung api strato tipe A. Ti taun 1600-an geus sababaraha kali bitu. Di antarana, bitu tuluy-tuluyan ti taun 1668 tepi ka taun 1699, 1780, ti taun 1902 tepi ka taun 1903, jeung taun 1935. Gunung Salak bitu panungtung taun 1938, nyaéta érupsi freatik (kaluarna lahar ngaley) di Kawah Cikuluwung Putri.
Gunung Salak bisa disebutkkeun kumpulan gunung, sabab puncakna aya tujuh. Anu pangluhurna puncak (gunung) Salak I (2.211 meter) jeung Salak II (2.180 m). Ceuk Hartman (1938) Gunung Salak I, gunung nu pangkolotna di lelewek Gunung Salak, kadua Gunung Salak II, jeung nu katilu puncak (gunung) Sumbul (1.926 m).
Kawahna oge leuwih ti hiji, Kawah Ratu --ceuk parahli vulkanologi produk ahir Gunung Salak--, Kawah Cikuluwung Putri, jeung Kawah Hirup. Leuweung Gunung Salak mimitina mah dicangking ku Perhutani KPH Bogor. Ti taun 2003 dijadikeun taman nasional dihijikeun jeung Gunung Halimun, Taman Nasional Gunung Halimun-Salak.
Leuweung di Gunung Salak kaasup hutan pegunungan bawah (submontane forest) jeung hutan pegunungan atas (montane forest). Tatangkalanana di antarana puspa (Schima wallichii), saninten (Castanopsis sp.), pasang (Lithocarpus sp.) jeung rupa-rupa jenis huru (suku Lauraceae). Sasatoanana, di antarana elang jawa (Spizaetus bartelsi), hayam leuweung nu buluna beureum merah (Gallus gallus), macan tutul (Panthera pardus), owa jawa (Hylobates moloch), lutung surili (Presbytis comata), tenggiling (Manis javanica) jeung rea-rea deui.* NS Priyatna-kisuta.com


