Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Satutas Jumaahan

Jumat, 1 Maret 2013

"SIAL!" pokna. Jero haté. Ngukung. Nyumputkeun kabingung. "Padahal geus meunang ngararancang!" norowéco. Haténa. Mikiran pipetaeun. Ras ka indungna, nu karék kamari ngabistél. "Sing junun sakola téh, Anaking!" cenah dina suratna. "Mana budakna, euy?" ceuk hiji lalaki. Disarung. Kawas lalaki séjén nu keur ngagimbung. Ngariung manéhna. "Halik, euy! Cuang bawa ku déwék!" Ceuk satpam nu kumisna baplang. Ras ka bapana. Kuwu manten. Nu kumisna komaraan. "Taranjangan deui wé ayeuna mah!" Tukang parkir milu mairan. Haténa ngeleper. "Tutumaneun. Lain sakali dua kali atuh da." Nu ngagimbung pating kecewis. Nyaluyuan. Manéhna muringis. Ras ka kabogohna. Nu keur ngonci manéh. Di toilét masjid.* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya