Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ayun Asih

Jumat, 1 Maret 2013

NU ngalagena. Ngawelah dina umpalan sajatining asih. Nyakinah. Iman kadaliana. Léha. Nyéngcélak luar jerona. Sacara lahir mah, puguh teu nurub jeung salakina. Tapi nyurup dina lelemes batinna. Keur ngais anakna nu ngadadak harééng. Diéyong hariring solawat. Nu diais awakna beuki nyebrét. Teu répéh jejeritan. Rét kana dompét salakina anu ngagolér dina méja, ukur diteuteup. Laju istigpar. “Sing sabar nya geulis! Ké urang mésér obat, pami Apa tos gugah,” pokna. Semu ngalimba. Salakina ngulisik, geuwat disimbutan. Bari diusapan sirahna, semu deudeuh. Aya nu ngeclak, kana tarang salakina. Koréjat. Gebeg. “Geulis!”* Yuharno Uyuh-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya