Sastra & Humor
Fikmin
Pidawuh
Sabtu, 2 Maret 2013
KAKANG Prabu Sastrasunda calik dina batu ngampar. Nyarandé kana canir tangkal caringin. Diriung para fikminer. Marendeko. Ngadago dawuhan. Ngadodoho omong, ucap nu kedal ti Sang Bagawan. Astanagedé simpé.
Celengkeung aya pananya, meupeuskeun kasimpé. “Nun, naon nu kedah diutamikeun ku abdi-abdi sadaya? Sorana halon kasilih hiliwir angin. “Maca,” walon Sang Bagawan. “Naon deui Pangeresa?” fikminer lianna milu nanya. “Maca!” walonna deui handuruan. “Teras, naon deui?” mimiti réang milu nanya. “Maca!!!” Kitu walonna nepika tilu kali. “Janten, naon nu kedah diutamikeun?” Beuki réang. “Prak nulis!” Leuweung teu geueuman deui. Aya nu ngabaracak caang na angen-angen.* Abu Ainun-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


