Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kandang Manuk

Sabtu, 2 Maret 2013

KANG Udin lamun seug apel ka imah kabogohna ku calon mitohana teh sok dititah ngampih-ngampihkeun manuk ka hiji rohangan 8x12 nu sok disebut kandang. Jumlah manukna lain saeutik, aya kana puluhna. Hargana marahal, kaasup kurungna barang mewah wungkul. Hiji manuk hiji kurung.

Capena mah nataku meta kitu teh, ari teu nurut anakna meureun moal beunang najan aya paribasa batu turun keusik naek oge ari kolotna teu doa mah. 

Udin : "Dengan terpaksa atau pun tidak kuring kudu ngalaksanakeun ieu tugas ti calon mitoha, ambeh anakna dibikeun." Manehna kukulutus sorangan bari ngampih-ngampikeun manuk kana kandang. Eta teh dilakukeun tiap wanci sareupna.

Cunduk kana poean dikawinkeun, mitohana biantara hareupeun lebe jeung para saksi.

Mitoha : "Mengingat, menimbang, dan memutuskan. Berdasarkan pertimbangan Jang Udin daekan ngasup-ngasupkeun manuk kana kandang, mangka ti mimiti poe ieu kahareup ngeus sah manehna jadi salaki si Neneng anak abah. Sakumaha ijab kabul tadi."

Kabeh nu hadir keprok, ngaenyakeun tur nyakseni kana jatukramina Kang Udin ka Neneng. Sakumaha mistina beres diakadan maranehna dariuk dina korsi panganten pikeun narima tamu ondangan.

Tamu terus murudul nepikeun ka wanci sareupna, malah peuting ge masih keneh pating kurunyung, alatan nanggap wayang sapeuting jeput. Padahal hate mah geus teu kuat hayang gera ngaringkeb maneh di kamar panganten. Wanci reureuh kolot manehna pamitan, dituturkeun ku pamajikanna.

Mitoha : "Udin, ampihkeun heula manuk ka kandang! Geus peuting teuing!"

Udin : "Aduh, naha meni kudu ku kuring wae." Ceuk hatena da kedal mah teu wani. Kapaksa manehna ngampih-ngampihkeun heula manuk, ngan kiwari mah dibantuan ku pamajikanna.

Keur kitu pes listrik pareum, kandang tempat nyimpen manuk oge poek mongkleng. Tapi manehna jeung pamajikannana kawas nu teu paduli kana kaayaan poek, bari ngatog ngasup-ngasupkeun manuk kana kandang. Teu lila pamajikanana ngagero lirih.

Neneng : "Aduh, akang ieu mah sanes kandang manuk! Ulah dilebetkeun kadieu atuh."

Udin : "Wios Neneng da ieu oge sanes manuk." walon Kang Udin bari ngahegak.* Herdi Pamungkas-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya