Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sampéong

Sabtu, 2 Maret 2013

"ANGKAT sampéong bujang-bujang baria.
Héy barakaria, bagus temen rupa nira.
Solasih suling damis, menyan putih.
Pangundang déwa..."
Can tamat dihaleuangkeun Ulup, riyeg, marcapada inggeung. Jomantara batuk. Awan laju balilihan. Tirta kasedihna minuhan darat marcapada. Bandang ka mamana. Lain wungkul landeuh, tapi ogé girang. Lain wungkul lembur, tapi ogénan dayeuh.
Sang Surya alum. Perbawana ceudeum cakueum. Tonggong bumi, beueus.
Réma marcapada, baruntung teuing kusaha. Arapal tapi teu barébéja. Gagu, teu bisa kokono. Doang nu sieun, paur, teu kabagéan huap.
"Déwa-déwa sukma, bidadari temurunan sipatang puluh..." Ulup neruskeun haleuangna.
"Geus céng, haleuang dia, lain keur di dieu, doangna keur jaga, di maniloka" Abah Kuncén ngupahan oncuna.
"Ning arep ana wiwit, ning buri ana lalakon" Ulup namatkeun lagu, bari nyegruk, neuleu rabulna tulisan "peduli kemanusiaan" eusina mangpirang titipan...* Rohendi Pandeglang-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya