Welasna Anu Ngayuga
PEUTING ngahaeub simpé, budakna meujeuhna bilatung dulang jeung kembang buruan talibra, bangun ngimpi saré dina kasur hipu jeung haneut. Angin moncor tina sela-sela kardus pipinding saung, damar kakalicesan.
Balawiri patali marga, mimiti coréngcang, gerungna hawar ilang kajauhna. Botol pelastik, keretas, kantong kérésék can dibérésan ngadagoan pamajikanana mantuan, tapi tepi ka wayah kieu can mulang. Bébéja rék usaha, bari diwedak ngoleskeun lipensetip. Karunya, pamajikan awéwé pantes, bogoh jeung buméla ka pangangguran, komo ayeuna galandangan, teu puguh dumuk. Cekit..! Sora erem mobil, apal sora pamajikanana. "Hatur nuhun kang, énjing abdi siap ditempat.” Brug panto mobil, aya anu ngageduk kana angen, bati sedih nalangsa ka nasib diri, nyatujuan pamajikan milampah teu uni. Ronghéap datang, gabrug nyuuh kana dada. Nyegruk juuh cimata. Teg. Karumasaan dosa. “Kang, abdi ayeuna didamel ngajagi karcis parkir temer di pos, dilebetkeun réréncangan sakelas kapungkur, salam kanggo akang saurna,” dibarung inghakna, bari nembongkeun surat kontrak kerja. Amin. Gusti hampura abdi.* Iwan Hanjuang-kisuta.com


