Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Hujan

Minggu, 3 Maret 2013

AYA kusegut ari hujan. Ti énjing kénéh teu weléh ciling cingcat di buruan. Barudak, siga ti zaman bihari kénéh, saleuseurian, ajrag-ajragan. Anteng nyoo cileuncang. Ninggalkeun abdi nu ngaheruk dina tepas. Mayunan laptop nu peupeureudeuyan. “Di jero atuh, Jang. Angin. Ongkoh léptopna bisi kaparipisan”. Soanten Ambu sakedapan. Ukur soanten.

Rérés éta, pikir téh bet hayoh nyantél deui ka Déwi. Nuju usum hujan sapertos kieu, kinten-kinten anjeunna sok nganggé raksukan naon? Naha angger sapertos kapungkur, kaméja oranye lancingan hideung? Émutna leleb lir Deasy Ratnasari? Ah, Dewi... ku naon teu ngurumuy tina sela-sela rungkun kembang kertas? Ngagebahkeun barudak nu keur anteng nyoo cileuncang, huhujanan? Nyarengan abdi mukaan facebook? Di dieu, di juru tepas bumi Ambu.* Maman Gantra-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya