Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ema

Minggu, 3 Maret 2013

HUJAN masih ngepris, maturan peuting maju ka mumunggang. Ema masih kénéh ngadeluk ngahanca kéngkénan kaputan. Ngahunjar ‘na balé-balé dicaangan palita. Teu dipaliré katunduh jeung kacapé, nu ngélékéték ngajak ka pangkéng. Teu kagémbang ku empukna kasur sepré bodas. Haneutna simbut. Padahal, sapoé tadi taya reureuhna. Ngider lembur, dagang kuéh. Tigin kana hancaeun nu kudu bérés. Ngadeluk ngesom jeung masang kancing. Sakapeung nguliat, ngusapan bobokongna. Parat tepi ka wanci janari. Kuring ukur bisa nyérangkeun ti jero pangkéng, bari ngagolér teu walakaya. Bati gegetun.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya