Nyarang
PARUKUYAN sagedé kancah. Disaksi pupuhu, katut para pangagung. Saridakep. “Wayahna Ki, dipentés, pupuhu badé hajat rongkah! Wayahna, hujan ulah sena turun di dieu, péngkolkeun wé, ka pasisian,” ceuk salah saurang gegedén, ngaharéwos.
”Ki Tayar unggeuk. Menyan sagedé hulu budak dibeuleum. Bul kukus, menyan kamanggung. Ngelun ngajomantara. Badis haseup bom atum. Ngabelegedeg jadi haseup kuled. Barang keur kitu, dumadakan langit angkeub, gelap dor-dar. Jagat inggeung. Hujan tingparalak, tingbeletak sagedé-gedé siki salak. Pupuhu beungeutna sepa. Ki Tayar nangtung, ranggah bari terus kunyam-kunyem. “Awass..!" Pokna, ngagorowok. Breg, hujan. Lir ditamplokeun. Nu hadir buriak. Tingjarerit. Hujan teu eureun- eureun. Para utusan gegedén muru Ki Tayar. Tingpolotot. Ki Tayar pada ngarewég. “Gélo siah, jurig! Teu bisa dipercara!” Ki Tayar ngagurinjal. Balik molotot. “Aéh, aéh.., puguh sia, nu arédan mah, na bet, percaya ka Aing! Lain raresep, cicing dinu baraseuh téh?" Témbalna. Ngaléos. Bari ngahéot. Cai beuki léb-léban. Biheung kana raatna.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


