Nu Disangka TÉroris
NU mawa sial ka dirina téh beungeut. Udin ditéwak Dénsus 88 pédah boga rupa persis pisan tersangka téroris nu keur ditéangan.
Dina hiji waktu, manéhna narima surat nu eusina ngeunaan kabingung bapana pédah euweuh nu mantuan macul di kebon, cenah hayang melak jagong. Isukna dibales. "Saleresna, di kebon téh abdi ngaruang senjata jeung pélor. Apa ulah macul, omat!" kitu balesanana. Najan cangcaya, bring sapeleton Dénsus 88 ka kebon bapana, dipaculan nepi ka gemet pisan. "Géhél, geuning euweuh nanaon!" ceuk kumendanna semu keuheul. Kabéhanana baralik deui. "Apa kagét naha loba pulisi nu ngagali kebon, dititah ku manéh?" eusi surat bapana deui.
"Tong seueur saur, Pa. Énggal pelakan ku jagong téa. Rupina Apa kedah nganuhunkeun ka Tim Dénsus 88 nu tos pangmaculkeun kebon," kitu balesan Udin. Olohok pulisi nu nyénsor surat. Reup geuneuk ray pias. Ibarat kapuk kaibunan, ngedeprek. "Sudiiin..!!!" manéhna nyorowok.* Irman Dimyatie-kisuta.com


