Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sawéran

Selasa, 5 Maret 2013

NU kaluar ti tukangeun panggung, salin jinis. Lain Julaéha nu sok dicindung kasumba mun ngaji ka madrasah lima taun kalarung. Ayeuna, buukna nu ngarumbay dicét beureum, halis ngajungkat, mata maké softlens bulao, biwir euceuy ku lipen kandel. Pakéan rapet kana awak , nengah pingping, lahak palebah dada ampir satengahna. “Okéh, hadirin! Kembali sayah mau menyanyikan lagu Umi Elvi, Bisik-Bisik Tetangga. Hayuu..Kang! Mana sawerannyah!” Musik tina elektun mirig manéhna ngagitek, érotis. Kuring ngalieus, teu wasa ningalina. Tilu lalaki naék kana panggung, dina leungeunna duit dijéngjréngkeun siga kipas. Peureum beunta jogéd bari nyesep-nyesepkeun duit dua rébuan kana beulahan dada Nyi biduan.* Tiktik Rusyani-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya