Eta Wanoja
KAKARA ayeuna diparengkeun deui ngontrol Divisi Weaving. Najan keukeuh nyarita teu hayang dibaturan, tapi Kabag-na angger waé ngiclik tukangeun. Bangun nu sieun digeunggeureuhkeun. Kituna téh bari ngabuih nyaritakeun hasil produksi.
Karyawan anteng dina mesinna séwang-séwangan. Waas baheula. Mun kadieu téh tangka katorékan. Ku sora toropong nu rajleng nganyam benang. Ayeuna éta mesin Shuttle téh ngan kari hiji. Kaeréh ku modérnisasi.
Bakat ku waas, suku hideng ngaléngkah ka juru rohangan pabrik. Sugan nu digawéna teu ngarasaeun kagetrik. Kabag Weaving bangun surti, tuluy ngabuih deui.
“Tah ieu Pa, karyawan petingan abdi mah. Najan mesinna nganggo kénéh Shuttle, tapi produksina rohaka. Mindeng ngéléhkeun nu sanésna.”
Asa teu percaya kana caritaanana, tapi panon teu burung rut-rét ka nu keur tonggoy digawé. Wanoja ngora tur hadé rupa. Panonna ngadilak basa raramona haben waé dirérétan. Haté bet nyeblak. Nyobaan nengetan ngaran dina kartunama nu ngagantung lebah dada kencana. Bati ngahuleng sajongjonan. Antéh geuningan.* Asep Komara-kisuta.com


