Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Kasundaan

Cirebon teu Bisa Dipisahkeun jeung Tatar Sunda

Rabu, 6 Maret 2013

”SAYA kagum pada daerah Cirebon, masarakatnya memiliki ragam budaya, adat-istiadat dan seni yang unik dan has,” ceuk Agus Maladi Irianto, dosen Fakultas Budaya Universitas Diponegoro (Undip) Semarang waktu nganteur kuliah kerja lapangan (KKL) mahasiswa jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia ka Cirebon.

Salahsahiji anu dianjanganana Désa Su­ranenggara Lor, Kacamatan Kapé­ta­kan, Kabupatén Cirebon. Harita, masarakat Désa Suranenggara Lor keur ngayakeun upacara ritual hajat bumi. Dipingpin ku kepala désa jeung ketua adat, masarakat ngaleut ngabandaleut jaroh ka makam luluhurna. Sapanjang jalan dipirig ku rupa-rupa kesenian tradisional.

Peutingna, pagelaran wayang kulit Cirebon di buruan balé désa. “Cirebon merupakan salahsatu daerah di Pantura tempat pertemuan berbagai budaya, Cina, Jawa, Sunda dan budaya dari luar. Itu sudah berlangsung lama, berabad-abad, yang kemudian melahirkan kebudayaan dan adat istiadat tersendiri,” ceuk Agus Maladi. 

                                                                     *

PIKEUN nyukcruk sajarah Cirebon urang bisa niténan naskah-naskah (manuskrip) nu ditulis abad ka-18 jeung abad ka-19. Di antarana, naskah Carita Purwaka Caruban Nagari, Babad Cirebon, Sajarah Kasultanan Cirebon, jeung Babad Walangsungsang. Naskah-naskah ieu saheulaanan bisa dipaké cece­kelan, najan lain kaasup karya sejarah.

Najan tacan dirojong ku data primér (prasasti), naskah anu kaitung lengkep, marélé, jeung runtuyanana jéntré mah Carita Purwaka Caruban Nagari (CPCN) nu ditulis taun 1720. Anu nyusunna Pangéran Arya Cirebon, anak Sultan Kasepuhan nu kungsi diangkat jadi perantara parabupati Priangan jeung VOC antara taun 1706-1723.

Dina naskah bieu disebutkeun Cirebon téh tina kecap sarumban nu terus robah jadi caruban, hartina campuran. Caruban robah deui jadi kecap Carbon, tina Carbon jadi Cerbon nu ahirna robah deui jadi Cirebon. Aya oge nu nyebutkeun Cirebon téh asalna mah tina kecap cai rebon sabab di ieu wewengkon loba rebon (hurang leutik).

Ceuk legénda, rebon ku urang Cirebon dijadikeun bahan keur nyieun tarasi sarta kakoncara pisan lain ukur di wewengkon nu saampar tapi oge tepi ka wewengkon karajaan Sunda séjénna. Mun urang Cirebon séba ka karaton Pakuan-Pajajaran atawa ka Rajagaluh, bawahan karajaan Sunda, nu dibawana téh tarasi.

Ku para wali, ceuk naskah CPCN, Car­bon disebut puseur jagat lantaran pernahna dianggap di tengah-tengah Pulo Jawa. Ari ku masarakatna mah, barétona disebut Negeri Gedé. Teu béda jeung kecap caruban, lila ti lila Negeri Gedé robah jadi garagé, tina garagé robah deui jadi gragé, sarta jadi ngaran  hiji tempat di Kota Cirebon.

Saha nu mimiti ngababakan di we­weng­kon nu ayeuna disebut Cirebon?  Masih dina karya sastra (legénda), dicaritakeun ngeunaan Ki Gedéng Sedhang Kasih, kapala na­gari Surantaka, salahsahiji wewengkon ba­géan karajaan Sunda. Ki Gedéng Sedhang Kasih téh adi raja Karajaan Sunda nu puseur dayeuhna di Kawali, Ningrat Kancana.

Anak Ki Sedhang Kasih, Nyai Ambet Ka­sih, kawin ka  Pamanah Rasa, anak Ningrat Kancana. Ti dinya, Pamanah Rasa boga pa­majikan deui ka anak Ki Gedéng Tapa, ka­pala  Nagari Singapura, tatangga Suran­taka, Nyai Subanglarang. Pamanah Rasa téh unggul dina saémbara nu diayakeun ku Ki Ge­deng Tapa.

Ti dua pamajikanana ieu, Pamanah Rasa boga anak tilu, Walangsungsang, Nyai Larasantang jeung Sangara. Sanggeus indungna tilar, Walangsungsang jeung  Nyai Larasantang ninggalkeun karaton cicing di imah pandéta Budha, Ki Gedéng Danu­war­sih. Anak Ki Gedeng Danuwarsih nu nga­ran­na Nyai Indang Geulis kawin ka Wa­lang­sungsang.

Saterusna Walangsungsang diajar aga­ma Islam ka Syekh Datuk Kahfi. Ngaranna diganti jadi Ki Samadullah. Sanggeus saba­baraha lilana neuleuman agama Islam, dijurung ku Syékh Datuk Kahfi, Walangsung nga­babakan di hiji tempat sarta tuluy dinga­ranan Tegal Alang-alang atawa Kebon Pe­sisir.

Ieu babakan téh gancang pisan mekarna, urang Sunda, Jawa, Arab, jeung Cina loba nu bu­mén-bumén di dinya. Ku sabab Tegal Alang-Alang ditempatan ku rupa-rupa séké sélér, katelah wéh Caruban nu hartina campuran. Anu galo téh lain ukur nu nempatanana, tapi ogé bu­dayana, kaasup agamana, tepi ka nga­la­hirkeun budaya jeung adat-istiadat nu boga ciri mandiri.

Walangsungsang jeung adina munggah haji ka Mekah. Di Mekah Nyai Larasantang meunang jodo, kawin ka Maulana Sultan Muhammad atawa Syarif Abdullah. Ari Syarif Abdullah katurunan Bani Hasyim anak Nurul Alim. Dijujut ka luhurna, cenah, Syarif Ab­dul­lah téh turunan ka 21 ti Kangjeng Rasulullah saw.

Walangsungsang nu ngaranna diganti jadi  Abdullah Iman mah balik deui ka Ci­re­bon sarta ngadegkeun Masjid Jalagrahan, jeung nyieun imah badag di Pakungwati cikal bakal karaton Kasepuhan. Walangsungsang saterusna diangkat jadi Kuwu Caruban, jujulukna Pangéran Cakrabuana, ngaganti mitohana, Ki Danuséla nu tilar dunya.

Ku raja Sunda –teu jelas saha-sahana ngan disebut Prabu Siliwangi bisa jadi Ningrat Kancana —Pangéran Cakrabuana dilélér gelar Sri Mangana. Harita mémang Caruban masih kénéh bawahan karajaan Sun­da nu sanggeus Wastukanacana tilar dibagi dua, Sunda jeung Galuh. Najan kitu  ka­rajaan Sunda teu ngahalang-halang su­me­barna agama Islam.

Caturkeun, anak Nyai Larasantang, Sya­rif Hidayatullah sanggeus masagi dina bag-bagan Islam balik deui ka Cirebon, nyebar­keun agama Islam di Tatar Sunda. Muka pa­santrén di Désa Sembung-Pasambangan deu­keut palabuan Amparan Jati. Syarif Hi­da­yatullah ogé ngajarkeun agama Islam di we­wengkon séjén, di antarana di Banten.

Uana, Pangeran Cakrabuana, ngé­cag­keun kalungguhanana sarta ménta Syarif Hidayatullah nu keur ngumbara di Banten pikeun ngagantina. Syarif Hidayatullah nu saterusna disebut Sunan Gunung Djati teu nolak, taun 1479 Maséhi diistrénan jadi ka­pala Nagari, gelarna Susuhunan Jati atawa Sunan Jati atawa Sunan Caruban.

Wewengkon Caruban jadi leuwih mekar. Sigana kapangaruhan ku Demak, Cirebon mimiti nembongkeun hayang misah ti ka­ra­jaan Sunda nu geus dihijikeun deui ku Ja­ya­déwata (Pamanah Rasa, Sri Baduga Maharaja) sarta puseur dayeuhna dipindahkeun ti Kawali ka Pa­ku­an-Pajajaran (Bogor). Cirebon beuki dieu beu­ki ngeundeuk-ngeundeuk  Karajaan Sun­da.

Ahirna Karajaan Sunda runtag waktu dice­kel ku Ragamulya Suryakancana. Dina sawatara sumber  runtagna téh dina tanggal 11 Bagéan Caang Wésaka 1501 Saka atawa tanggal 8 Mei 1579 Maséhi. Kasultanan Cirebon sorangan sanggeus ditinggalkeun Syarif Hidayatullah  (1598), kudu tepi ka dire­cah jadi tilu sangkan teu kajadian parebut kakawasaan. 

                                                                         *

BUDAYAWAN Cirebon teureuh Ka­raton Kanoman, TD Sudjana nyebutkeun, we­wengkon Cirebon kaasup Indramayu téh asét nu penting pisan keur Jawa Barat atawa Tatar Sunda. “Cirebon diadegkeun jeung di­mekarkeun ku turunan karajaan Sun­da. Atuh karaton nu aya di Cirebon ayeuna ngés­tokeun kénéh kasundaan,” pokna.

Urang Sunda loba kénéh nu nganggap ka­ra­ton nu aya di Cirebon ayeuna pa­ne­rus karajaan Sunda. Teu anéh, Pangéran Arief Natadiningrat, putra Mahkota Ka­se­puhan Cirebon nu paséh pisan nyarita basa Sunda, taun 2004 dipilih jadi anggota Déwan Perwakilan Daerah (DPD) ti Jawa Ba­rat. Cirebon teu bisa dipisahkeun jeung Tatar Sunda.

“Disebutkeun asét nu penting lantaran Cirebon téh beunghar ku budaya, adat-istiadat, jeung kesenian tradisional. Moal hésé mun dimekarkeun jadi daérah pariwisata bu­daya. Kitu deui alamna, palabuan Cire­bon bisa dikembangkeun jadi palabuan kawas Tanjung Pérak Surabaya jeung Tan­jung Emas Semarang,” ceuk TD Sudjana.* NS Priyatna-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya