Karoplok
KEUR makuan kandang hayam, teu kahaja curuk Kang Sarja kapékprék ku palu. Pedegdeg bareuh. Enyud-enyudan.
"Asupkeun kana bujur munding, cageur geura", baturna ngabéjaan.
"Munding nu saha ?"
"Ka ceu Marni wé, " ceuk baturna deui.
Gidig ka Imah ceu Marni. "Tuh ditukang, enya kana bujur munding nu kapékprék mah, sok geura cageur da..." Ceu Marni nuduhkeun.
Enya wé, isukna curukna téh geus kempés. Bisa deui gagawé, bisa dipaké gagaro, bisa dipaké ngorong deui .
Saminggu ti harita, curukna kapékprék deui. Buru-buru indit ka imah ceu Marni. Ménta idin ngasupkeun curuk. Ngan kulantaran peuting, ménta dianteur ku Ceu Marni, da teu apal lebah-lebahna.
Nepi ka kandang munding, buru-buru wé diabuskeun.
"Kang, naha ngabuskeunana lain kana bujur munding ?" Ceuk Ceu Marni halon.
"Ah, baé atuh Ceu... da ieu gé lain curuk ieuh...", ceuk Kang Sarja némbalan bari ngaharéwos. Haroshos.* Is Tuning-kisuta.com


