Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Diajar Ngarang

Rabu, 6 Maret 2013

RADA naker ngahuleng, sakadang inspirasi, teu muntruk-muntruk. Ras inget ka Kang Yuséf Muldiyana, manéhna meunang inspirasi mun leuleumpangan heula. Tah dina balik deuina ka imah, ujug-ujug puruluk wé jadi karangan. Terus nurutan, leumpang ka dapur, ka tengah imah. Pulanganting. Can kénéh katéwak éta inspirasi téh. Teras émut ka Saini KM. Saurna, anjeuna mah pami badé ngarang, sok mencrongkeun sareng nyeuseup kembang ros beureum. Teu kalékég nurutan, ngan palebah kembang rosna euweuh. Nya diganti ku kembang imitasi nu nyampak. Diteuteup leleb naker terus lalaunan diseuseup jero pisan. Goblog!!! Tibatan meunang inspirasi kalah beresin teu eureun-eureun, da puguh kembang palastik pinuh ku kebul. Mun Putu Wijaya, praktis pisan. Anjeuna ngamimitian karangan, ku naon wae nu aya, nu karasa, nu kapanggih. Dina tembok aya cacak keur gancet, tret ditulis, meunang opat paragrap. Ngan satutas dibaca deui, naha jadi carita jorang. Ah moal balég diteruskeun ogé. Peuting ayeuna mah. Mending saré waé. Ke dina ngimpi, urang tumaros ka pangarang panutan uing, pangersa bapa Hidayat Suryalaga.* Gaus Firdaus-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya