Sastra & Humor
Sajak
Jukut
Rabu, 6 Maret 2013
Geuning, jukut mah, tara parasea
Marebutkeun taneuh, keur akar
Nandéan, ci ibun. Ngagurilap, katojo mata poé
Nyuburkeun taneuh, cacing betah, lalintuh
Sakapeung, silih untun. Silih beulit, pajeujeut, papuket
Ngarambat, laju ngajajabeg
Jukut, iklas sodakoh, méré mawéh, keur simeut, hileud
Jangkrik, sina ngerik beurang peuting
Kukupu pating suliwer, ngalayang ngawang-ngawang
Nengetan jukut, nengetan jiwa nurut wirahmaning alam
Nena Cunara-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


