Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ngarasula

Kamis, 7 Maret 2013

"Teuing kumaha ari pikiran dunungan urang. Apan uing ti isuk jedur kénéh geus marengan kukurusukan ka pasir néang kebonna, malah ka pasar nganteur meuli bako tampang kasedepna. Ayeuna masih kénéh dipaké kadieu. Jadi éra uingah ku sagigireun, tukangeun jeung hareupeun, nu sareungit ku wawangén. Sedeng ari uing sakieu léngkétna, tada teuing melenghirna."
"Aéh, na’ bet ngarasula? teu pantes deuleu!"
"Lain ngarasula, Kang. Nya kahayang téh rada pulah-pilih nu sakirana payus marengan ka tempat nu mulya tur pinuh barokah mah!"
"Ssst..! meunggeus montong norowéco baé, alung sukuran urang kapilih ka ieu tempat, lain kalah ngabaribinan, bisi ngaganggu kani'matan dunungan anu keur lelenggutan. Urang mah mending ngaregepkeun wejangan ti khotib!" Jep. Ki Kaos balem. Paromanna murukusunu, digebés Ki Sarung anu madep nutupan nu sila tutug.* Kang IsMaya-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya