Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
SMS
Kamis, 7 Maret 2013
HIJI mangsa, Téh Eulis nuju nyeuseuhan raksukan salakina.Tina pésak lancingan, goréhél mendakan keretas cangkang roko nu aya seratan, "Néng Léni, maniiiiis..."
Sabada rengsé nyeuseuh, teras Téh Eulis ka tepas, unjukan ka garwana, "Papah.... ieu nami saha, diserat dina cangkang roko?" Kang Maman ngajawab kalem naker, "Mamah....éta téh nami domba adu jagoan papah, si Jugala téa." "Ohhh....?!" Walon Téh Eulis, bari léos ka enggon. Teu kungsi sapanyeupahan, Téh Eulis nyirintil, bari ngeungeupeul Hapé. Beletak dikeprékeun kana tarang sulah salakina. Gantawang ngawakwak , "Tah ténjo... domba sia.....Maman.... nga-SMS!"* Gaus Firdaus-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


