Katohyan
BULAN mêlêtêt bangun nu wegah nyaangan peuting. Balik gawê teu langsung asup ka imah. Bêbêja ka pamajikan mah lembur. Kamêja digulungkeun. Singkil. Sapatu, titadi geus diganti ku sendal.
Ti dieu laluasa nyerangkeun ka palebah kamar. Aya nu ngolêbat makê jas hujan, dedegan lalaki nyenyekel kembang. Têrêkêl kana tarajê, bus ka kamar. Dada ujug-ujug ngaguruh. Ngagedig asup ti pavilyun, ngaliwatan gudang. Gap kana pedang nu dipajang dina têmbok. Naas, ucing hideung nu keur tibra di lawang kamar katincak buntutna. Panto kamar ditajong satarikna, ngagareuwahkeun nu keur ocon ngawut-ngawut seprê. Nu kagareuwahkeun bangun nu reuwas. Aya nu kabur liwat jandêla, ninggalkeun pamajikan nu nyempod di juru kamar disimbut sepre. Diudag bari kekerot, orokaya kalah labuh tina tarajê. Pedang macleng. Gap kana batu sakeupeul, belewer meneran kana sukuna. Kadêngê nu ngocêak samêmêh ngiles di pêngkolan. Isukna, mang Karna tukang kebonna ingkud, suku katuhuna geuneuk.* Firda Aulia-kisuta.com


