Nu Ménta Didungakeun
"DUNGAKEUN Engkang, Nyai!" Ngaharéwos. Dareuda. "Sangkan usaha urang lancar." Manéhna malangkeun sakeureut imut. "Sangkan hasil maksud, laksana sapaneja." Belewer deui. Imut nu leuwih béar.
"Sangkan Engkang meunang dina pilkada." Celengok. Nyium leungeun. Imutna mingkin marahmay. "Seug Engkang jadi pajabat, meureun moal susah. Sagala kahayang mo burung kahontal." Nyangheuykeun teuteup dina lahunan. "Tangtos atuh Engkang, dunga Nyai mo weléh nyarengan." Ceuk teuteupna. Teuteup nu pinuh pangharepan. Pikiran ngacacang. "Seug laksana jadi gegedén, Nyai ..." Ngalayang. Ti angen-angen ka angen-angen. "Engkang hayang boga mobil méwah. Rék nyieun gedong. Rék meuli pila. Rék pelesir ka luar nagri. Rék ..." Rét ka manéhna. Keur anteng ngaréka imut. "Dungakeun Engkang, Nyai!." Teuteupna mingkin geugeut. "Sangkan pamajikan ngidinan Engkang ngawin Nyai."* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com


