Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Wawanén

Jumat, 8 Maret 2013

Jékét, topi jeung sapatu but geus dipaké. Séahna hujan atra kadéngé tina érang-érang jandéla. Sup ka kamar, Kartika jeung Candra nu ngagebra diciuman tarang jeung pipina. “ Nyanggakeun Gusti, Salira nu maha ngajagi.” Di luar angin ngagelebug, patingbaranyay tatit meulah langit. “Lahaola.” Ceg kana dua kérésék gédé eusi bugis jeung awug. Wanci janari, muru pasar dibaturan sumanget nu teu kendat minuhan dada. Nepi ka pasar, lapak geus aya nu nempatan. “Tanyakeun ka Kang Dana geura,” ceuk Titin nu dagang sayuran hareupeun. Kérésék ditunda, gidig abus ka jero pasar. Pasti keur ngadu bako bari ngopi. “Kunaon lapak abdi ditempatan batur?” Manehna giak nangtung bari sura-seuri. “Aya nu sanggup mayar leuwih,” cenah, panonna rada mélétét nyidik-nyidik. “Sabaraha?” Teugeug. Lalaunan ngadeukeutan. “Teu nanaon teu mayar gé,” cenah ngaharewos. “Asal daék jadi nu kadua.” Teu antaparah, beungeutna nu nampeu ditampiling satakerna.* Tiktik Rusyani-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya