Pahlawan Kabeurangan
KURING jeung Jikan dariuk di ruang tunggu stasion. Di gigireun aya orok ceurik. Diupah-apéh teu répéh. Dibébénjokeun ku susu botol teu kaolo. Dibéré susu indung embung jiga nu pundung, malah beuki dengér matak gégér.
Sabot Jikan nyelang ka toilét, tamba kesel, karunya deuih, “Néng, kadieukeun ku akang,” diais ku kuring, teu sakara-kara diéyong-éyong sakeudeung jep répéh, ngahéphép. Diempok-empok reup saré ngageubra. Késang nu ngaragajag na tarangna balas ngadat, nu renung na irungna balas ngamuk, ku indungna diusap ku saputangan kanyaah.
Meureun ceuk nu narempokeun, “Asa manglebarkeun, awéwéna ngora geulis badis artis, na ari lalakina rudin badis kuli…”
Keur kitu torojol Jikan, bangun nu gereget, “Idih…meni geulis.” “Ceu, pameget,” ceuk indungna. ”Aéh, meni kasééép…” ngomongna dipégég, huntuna kekerot, ngan sorot panonna ditujukeun ka kuring, bari ditungtungan ku ngajembél satarikna kana cangkéng. “Tong, ting, téng...! Para penumpang tujuan Jakarta, segera menuju kereta di jalur emam…”* Gaus Firdaus-kisuta.com


