Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Mangsa Sareureuh Budak

Jumat, 8 Maret 2013

GEUS tilu minggu. Mang Sarpoed ngalangeu hareupeun jandéla. Réma-réma-na pepeta. Séréngéh seuri. “Tombo ati, iku lima perkoroné!” Ngulinkeun réma-na. Séréngéh deui. “Poed, geura bobo bageur?” Réma indungna ngusapan sirahna. “Keun anaking, engké gé aya babalesna”, pameunteu nu ngirut ku umur neger-neger manéh. “Moco qur’an, kudu weruh lan maknané!” Galindeng Mang Sarpoed. Séréngéh seuri. Indungna malieus. Nahan keclak nu teu kaampeuh…* Apoedy Sarah Ihsan-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya